Sabtu, 21 Oktober 2017

TAWEKAL DINA UJIAN

Manusa meunang bagja teh kudu
ngalaman heula musibah. Dina nalika
nandangan musibah, kudu loba
ngucapkeun :
“ là ilàhha illa angta subhànaka innì
kungtu minadzh dzhòlimìn“.
“Teu aya deui Pangeran anging Salira
Gusti, Maha Suci Gusti, saestuna
jisim abdi kalebet ti golongan anu
zalim“
Sakumaha ngajeritna Nabi Yunus as
nalika kenging musibah diteureuy ku
lauk Nun, bari ngarumasakeun diri
pinuh ku dosa,kucara nginget-nginget
dosa anu tos dipilampah (wukuf
zamani).
Dina praktekna, karumasaan teh ulah
ngan sakadar dina tungtung letah,
rumasa salah tapi teu daek ised tina
salah,tetep cicing bae teu daek pindah
tina salahna,eta teh munapek,zalim
kana diri sorangan.
Anu sabenerna kudu diitung dina diri
teh ngan wungkul dosa, lain
kahadean,sabab kahadean mah geus
jadi kawajiban anu kudu
dilaksanakeun, sakumaha itung-
itungan Nabi Adam as kana dirina:
“ robbanà dzholamnà angfusanà wa
illam taghfir lanà wa tarhamnà lanakù
nanna minal khòsirìn “.
“ Nun Gusti Pangeran Abdi,abdi teh tos
zalim kana diri abdi,mun mah gusti
teu ngahapunten ka abdi sareng teu
karunya ka abdi,tangtu jisim abdi
kagolong jalma anu rugi“.
Kalobaanana urang teu ngarasa dosa
mun dina ibadah hate ngaler ngidul teu
khusyu nyanghareup ka Pangeran,
padahal eta teh dosa,jadi ulah bangga
mun urang geus bisa ibadah teh,tapi
kudu dirumasakeun dina nalika urang
ngalaksanakeun ibadah teh acan
bener. Tapi sanajan rumasa ibadah
acan bener, ulah eureun ibadah,malah
kudu tambah soson2 dina
ngalaksanakeunana, seperti Kangjeng
Nabi SAW dina nalika isro,tetep
lempang lumampah ibadah ka
Pangeran sanajan setan ngahalangan
ti hareup jeung ti kenca
katuhuna,tetep bae jalan teu eureun
alatan halangan. Kulantaran kitu ulah
eureun dina ibadah mun loba
halangan,jeung ulah nurut kanu
ngahalangan sarta ulah ngahajakeun
neangan layan anu matak ngahalangan
dina lumampah ibadah ka Pangeran.
Jadikeun peuting teh alat keur isro,
lumampah ka Pangeran,sabab bisana
urang lumampah ka Pangeran teh
alatan kuayana jempling pikiran.
Kulantaran kitu pikiran ulah dipake
rungsing,sabab bisa ngahalangan kana
ibadah. Pake pikiran teh ku
ngalobakeun istighfar ku cara dzikir
jeung khotaman.
Dawuhan Nabi SAW:
“dzikrullòhhi hishnum minasy
syaithòni wa baro-atum minan nifàqi“.
“Dzikir teh benteng tina setan sarta
alat keur ngabebaskeun diri tina sifat
munapek ”
Jadi dzikir teh alat keur nyingkahan
gogoda, ngan urangna we sok
talangke,nganggap sepi kana
dzikir,puguh keur aya gawe dzikir teh
ngan tarik 3,cacak keur nyalse ge teu
ieuh dilakonan deui,ngeunah bae teu
asa boga dosa.
Dawuhan Nabi SAW:
“mang qòla là ilàhha illallòhhu wa
madda hhà bit ta’zhìmi hhudimat
lahhù arba’atun àlàfi dzambim minal
kabà-iri “.
“Saha jalma anu ngucapkeun la ilaha
illalloh bari dipanjangkeun kalawan
ngagungkeun Allah mangka dilebur ku
sababiyahna eta kalimah 4 rebu dosa
gede“.
Ku ngucapkeun sakali eta
teh bari ngeusi, lebur 4 rebu dosa
gede,komo mun berkali-kali
dihampura dosa dirina, kulawargana
jeung tatanggana.
Kulantaran kitu ulah saruana lamun
tatanggana nyalahkeun,ulah milu
nyalahkeun.Mun aya nu moyok,ulah
milu moyok,kapan geus sidqoh mere
pangampura Allah ka maranehna ku
ngucapkeun la ilaha illallah.
Jadi mun datang musibah lobakeun
maca istighfarna Kangjeng Nabi Yunus
as tea bari rumasa dosa kucara wukuf
zamani, sarta mun datang nikmat
geuwat syukuran,supaya mingkin
ditambah-tambah eta nikmat nyaeta
ku dzikir la ilaha illallah anu ngeusi.
Anu dimaksud ngeusi teh nyaeta dina
hate teu aya anu lian,anging inget
dzikir khofi anu teu kaselang ku inget
anu liana.
Dina narik dzikir, mun sorana
ngentrung siga lodong nu kosong,
mangka jelas dzikirna kosong. Tapi
mun ngabep-bep siga lodong nu
ngeusi,mangka jelas dzikirna ngeusi.
Dzikir teh ulah sakadaek asal
dzikir,tapi kudu ditingkatkeun nepi
kana khusyu,tegesna ngeusi.
Di mana keur berjamaah,sorana kudu
rempeg,ampeg,ulah patarik-tarik,
patonjol-tonjol melaan najongan sora
batur. Matak ngagokan eta teh. Heug
sing sarua,sanada, saimbang,beuki
lila ancadna beuki gancang bari tetep
nu diarah teh jero ingetan kana dzikir
khofi nu aya dina hate,tembuskeun
dzikir teh tina ucap kana ati, tina ati
kana rasa,tina rasa kana mesra,tina
mesra kana cinta,tina cinta kana
sadrah pasrah sumerah diri ka
Pangeran.
Mangka mun dzikirna seperti kitu,di
luar sorana ngabep-bep,agem, di jero
dzikir khofi ngeusi dina hate,syetan nu
di luar nu teterejel hayang asup,sarta
nafsu nu dijero totorojol hayang
kaluar,tangtu kahalangan ku dzikir ti
luar jeung ti jero, anu hasilna dzikirna
jadi benteng jeung ngalebur tina
munapek,matak ulah siga bebegig nu
aya di sawah mun dzikir teh, dipake
nyatu jeung modol ku manuk.
Dicutat tina Tausiyah Pangersa Abah
dina manaqib Suryalaya 4 Juli 1990
M/11 Rayagung 1410 H.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar