Sabtu, 21 Oktober 2017

Wajengan syekh ahmad sohibulwafa tajul arifin

INI ABAH YG BERBICARA .. TOLONG
BACA DENGAN HATI NURANI KITA YG
PALING DALAM ..INI SALAH SATU
CARA KITA MENJAGA NAMA BAIK
SURYALAYA ..
Bismillahirrahmanirrahim ..
ilaahhii angta maqshuudii wa ridlooka
mathluubii a'thinii mahabbataka
wama'rifataka ..
Inti Sari Wejangan Pangersa Abah,
Sya'ban 1393 H.
Ulah Ngahina, Nyawad Atawa Nyela
( Jangan menghina menyalahkan atau
mencela)
Allah SWT ngadawuh:
"yà ayyuhhal ladzìna àmanù là
yaskhor qoumum ming qoumin 'asà ay
yakùnù khoirom minhhum wa là
nisàum min nisà-in 'asà ay yakunna
khoirom minhhunna wa là talmizù
angfusakum wa là tanà bazù bil alqòbi
bi-sal ìsmul fusùqu ba'dal ìmàni wa
mal lam yatub fa-ùla-ika
hhumuzhòlimùn".
"Heh jalma-jalma nu ariman, ulah arek
ngahina ka batur, lantaran bisa jadi nu
dihina teh leuwih alus ti maneh (boh
awewe atawa lalaki). Ulah arek silih
carekan jeung sasama, ulah
ngagentraan ku sebutan anu goreng.
Ngaran nu panggoreng-gorengna
nyaeta pasek saba'da iman. Sing saha
anu embung tobat, eta teh jalma
aniaya". (Al-Hujarat 11).
Ulah arek ngahina jeung nyaci, sabab
boa teuing alus nu dipikangewa
tinimbang nu mikangewa. Boa alus nu
dicacad batan nu nyacad. Boa alus nu
dihina batan nu ngahina. Pikeun
ngabendung eta, piceun rasa: alus
urang batur goreng, rasa cukup tukang
ibadah, nyangka salah bae ka batur,
jeung sok agul. Pikeun nga-erem-na
nyaeta bersih ati ikhlas rasa.
Poma ulah ngalakukeun ibadah
dibarengan ku takabur, ria, ujub jeung
puyak-poyok, alatan ibadahna bisa teu
jadi. Mun mah dihina, wayahna kudu
sabar. Kusababiyahna sabarna eta,
sugan we nu ngahina bisa eling deui.
Mun mah kakara dipoyok geus ambek,
mangka moal aya eureuna.
Mun dihina, pek geura urang teh
cicing. Mun dipoyok, pek geura urang
teh repeh, tangtu geura aya Perbaikan.
Rek kusaha deui atuh dirasakeunana
sabar jeung tawekal teh lamun lain ku
diri urang sorangan mah.
Tembongkeun sabar jeung antep kana
panghina jeung pamoyok batur.
Hasilna tina sabar, nyaeta repeh-rapih
mashlahat lahir batin.
Thorekat ieu ulah dipake galideur deui
sabab ngarupakeun tugas ti Allah
parentah ti Nabi. Mun dipake galideur,
tangtu moal aya hasilna.
Nabi SAW ngadawuh:
"Allòhhu robbuna wa robbukum lanà
amalunà wa lakum amalukum là
hujjata bainanà wa bainakum".
"Allah Pangeran urang sarerea. Amal
urang keur urang, amal batur keur
batur. Ulah jadi papaseaan di antara
urang sarerea".
Omat ulah pacekcokan, eta teh cacad
tina amal, matak rungkad amal.
Geura urang nyonto ka Nabi, nalika
tabligh di To'if, anjeuna ditalenggoran
dugi kabaloboran getih, teras
ditawisan ku malaikat supados eta
jalma anu nalenggoran teh
diancurkeun, ari walerna: "Heh
malaikat, lamun eta jalma
diancurkeun, kumaha teuing engke
anakna? Upama bapana ayeuna
embungeun, susuganan atuh incuna
daekeun". Tah kitu tabahna Rosululloh
SAW.
Jalankeun syareat, thorekat, hakekat
jeung ma'rifat, ngarah ngeusi badana,
ngeusi nyawana, ngeusi rasanana,
jeung ngeusi rasaning rasana. Alat
keur ngeusikeunana nyaeta Inget Ka
Allah Dzikir Ka Pangeran.
Eusikeun eta dzikir kana tiap-tiap
lathifah, tina qolbi, ruhi, sirri, khofi,
akhfa, nafsi dugi ka qolab, bulu, kulit,
daging, tulang, sumsum, urat jeung
getih pinuh ku rasa dzikir.
Eta dzikir moal ngeusi mun tetep
balangah.
Ibadahkeun badan kucara
ngalaksanakeun fiqih.
Ibadahkeun nyawa kucara
ngalaksanakeun tasawuf.
Ibadahkeun rasa kucara
ngalaksanakeun tauhid.
Ibadahkeun rasaning rasa kucaraning
yaqin sayaqin yaqina.
Teu kasebut yaqin upama can bener-
bener percayana, sakapeung percaya,
sakapeung cangcaya. Eta teh hartina
kosong. Mun keur loba duit percaya
sagala meunang Allah, tapi mun keur
teu boga duit cangcaya ka Pangeran.
Keur ningkatkeun yaqin, mangka
dzikirna kudu sumarambah kana tiap-
tiap lathifah ngarah ningkat kana
muroqobah.
Isro Mi'roj teh ngandung harti:
Isro: Lumampah Terus Pantang
Mundur.
Mi'roj: Naek-naek terus naek.
Hartina Isro Mi'roj teh nyaeta
ngalampahkeun ibadah nu teu aya
eureuna.
Rek kumaha lumampah dina ibadah
anu teu eureun-eureun mun dina
dzikir ge sok dipake ngalamun,
kulantaran kitu kudu:
"ud khulù fìs silmi kàffah".
"Asup kana islam sagemblengna". (Al-
Baqoroh 208).
nyaeta rasa sumerah ka Pangeran,
nyanggakeun ka Pangeran, nyerahkeun
ka Pangeran.
Amal urang gumantung kana
penyerahanana:
"inna sholàti wa nusukì wa mahyàya
wa mamàti lillàhi robbil 'àlamìn".
"Saestuna sholat abdi, ibadah abdi,
hirup abdi, maot abdi masrahkeun ka
Gusti Pangeran sakabeh alam".(Du'a
Iftitah).
Pentingna dzikir sing dugi ka aya
sorana, ngarah timbul resep. Geuning
dawuhan Nabi SAW:
"Alàmatu hubbillàhhi hubbu
dzikrillahh".
"Cirina resep ka Allah teh nyeta resep
dzikir ka Allah".
Naha nu sok dzikir tos timbul
resepna? Mun mah samenit resep
sajam teu resep mah can kasebut
resep. Kakara ge narik dzikir 3 ka 4-
na tos Sayyiduna mah can kaasup
resep, lain tara dzikir tapi can resep
kana dzikir.
Rasa resep bisa timbul alatan
ditumanan. Ari tos resep mah sok
ngancik ma'rifat, nyaeta nyerah kabeh
ka Pangeran, boh dina keur ibadah,
cacak-cacak dina keur dahar-nginum
ge atawa keur naon bae teu weleh
raga katut nyawa dipasrahkeun ka
Pangeran.
Nu ngarana pasrah teh lain badan
mendekong hate nukang.
Prak pigawe Thorekat Qodiriyah
Naqsyabandiyah ieu teh kalawan
enya-enya sanajan ngan kakara
rubuh-rubuh gedang ge syareat mah
urang pake, sanajan ngan ukur maca-
maca bae mah thorekat dijalankeun,
sangkan eta syareat jeung thorekatna,
badan jeung hatena ngocor kana
Lillàhi Ta'àla.
Jalma anu Lillàhi ta'ala teh nyaeta
jalma anu salawasna hatena eling
dzikir ka Gusti Alah, sakumaha
dawuhan Nabi SAW:
"dzikrul khofi afdholu ming dzikril
jahri sabi'ina du'fan".
"Dzikir khofi leuwih utama tibatan
dzikir jahar, 70 tikeleun alusna".
(HR.Baihaqi).
Dawuhanana deui:
"là tasma'ul hafadho".
"Teu kadangueun ku Malaikat
Hafadho".
Teu kadangu, teu katulis jeung teu
kacatet, anging Allah anu ngadangu,
anu nulis jeung anu nyatet amal anu
lali tina dzikir khofi, mangka Allah
ngadawuh:
"Euweuh gening lillahi-na teh? Euweuh
gening ka Aing mah?".
Kapan upama kitu teh dibalikeun deui
amal urang teh, malah ditenggorkeun
kana beungeutna nu boga amal, sabab
pinuh ku ria, ujub jeung takabur.
Pikeun jalma nu geus diasupan dzikir
khofi kudu "idzabtuliya shobaro wa
idza u'thiya syakaro".
"Di mana datang musibah kudu sabar,
di mana datang bungah kudu
syukuran".
Mun datang musibah, harita keneh
kudu karasa yen musibah teh ti Allah,
teu kudu ditalengteng deui.
Kadongdora atuh mun kapanggihna
geus 8 poe atawa saba'dana nyiksa
anak jeung pamajikan, bari teu pira
musibahna, pedah pare ku beurit.
Mun datang bungah, harita keneh
syukuran ka Allah.
Mun geus ajeg dzikir khofina mah,
datang musibah sabar, datang bungah
syukur, sabab geus ngarasa yen awak
sorangan ge loba salahna.
Kaunggel dina hadits qudsi:
"Sing saha nu teu pasrah sumerah
kana papasten ti Kami, sing saha nu
rek teu sabar kana sagala balai ti
Kami, sing saha nu teu syukur
tumarima kana anugrah ti Kami, pek
bijil ti kolong langit Kami, pek
neangan deui Pangeran lain ti Kami".
Sakitu sangetna bendu Allah teh alatan
teu tepung rasa urang kana rasa lillah,
margi Allah tos ngadawuh dina hadits
qudsi:
"Kami teh ingetkeuneun manusa,
rasakeuneun manusa, manusa ge rasa
ti Kami. Pek rasakeun sagala ge, da
kabeh ge beunang Allah".
Dibere kieu lain, dibere kitu lain, atuh
mun kitu mah hayang lain.
Pikeun miceun musibat, pek ancikeun
dzikir khofi sina sumarambah kana
tulang nepi kana sumsum, ameh
salawasna asa kaintip terus ku Allah,
tah eta anu disebut muroqobah teh.
Eta dzikir pigawe enya-enya pikeun
ngeusian rasa, ulah dugi karewong ku
sagala aturan. Mun manggih kanyeri
atawa kasusah, anggap bae lalab
rumbah, sambara ti Allah pikeun
ngalatih diri urang ..

Tidak ada komentar:

Posting Komentar